Kapeurih diri


tilu belas taun lilana urang ngalalakon ngabina saung Rumah tangga
nu dipiharep taya lian ngan saukur seja nyambungkeun duriat ngajajap bagja
dina sajeroning eta saung,kasusah jeung karudet di pecut ku tali kanyaah urang duaan
sangkan beresihna tali katresna teu udar tur pegat kabawa caah sagara

Ayeuna..anjeun ngadadak menta eta tali di pungkas ku ka ceuceb
dipeugatkeun ku kadengki nu taya  ujung pangkalna
anjeun leuwih milih ngalogoran tambang ka heman nu salila ieu dijieun panyangcang
anjeun maksa sangkan eta pamageuh ngalogoran panyangreudna

Didieu...nu nyesa ngan ukur si Jalu buah katresna urang duaan
nu teu weuleh imut lucu ku beresihna seuri hate manusa nu can kakiruhan dosa
ngan ukur ,manena nu jadi panyumanget panggeuing kalbu
sawatara anjeun .... geus panceg ngijing sila bengkok sinembah
bral 'nyi...ngan ukur beresihna pandurung du'a ti akang mah
mudah2an anjeun hibar dina ngalakonan sagara nu anyar

Anjeun...akang...
di teras saung Cinta nu geus karancang hambalanna

0 Comments
Tweets
Comments

0 comments :

Post a Comment