Kanggo pun Ema

0 comments

duh...Ema..
Di sajeuroning ngeucrekna hujan nu marengan poekna peuting
Aya sora anu jentre dina ieu Hape

Sujang…
Syukur ari calageur mah
Eta nu dipenta ku ema beurang jeung peuting

Sujang….
Syukur ari aya dina keberkahan mah
Eta nu dipenta ku ema beurang jeng peuting

Sujang…
Syukur ari aya dina rohmat-Na
Ema ngarasa bagja

Sujang…
Hampura ema tina sagala kasalahan
Maklum sikep kolot ka anak
Ema hayang bebas tina sagala dosa ka anak

Sujang...
Sakali deui,ema menta dihampura
Du'akeun ema sing sehat sing kuat nepi ka tutup ajal

Duh..
Ema… sawangsulna Ujang nu kedah dihampunten ku salira
Ujang tos nyesahkan ti lahir dugi ka ayeuna
Ujang teu malire,Ujang joledar kanu jadi indung

Duh…
Ema… indung Ujang, hampunten Ujang tina sagala kelepatan
Rumaos  Ujang  janten anak anu tos ngaraheutkeun manah
Nagiweurkeun emutan

Duh…
Ema… keclakna cipanon  Ujang  nu murudul lir ibarat dosa  Ujang  ka ema…
Hapunten  Ujang …

Duh ...Ema..
Mugia Salira seja ngiklaskeun tiap tetes cai Susu
Nu ngalir dina ieu Awak Ujang

Ayeuna ...
Ujang teu weuleh rikip ku Kamelang
upami ngemutan kana bebendon Salira..

Ya Alloh pangersana Gusti..
Mugia Anjeun nyaangan kiruhna bathin Diri..
kanggo tumut kana temah Wadi..
keur papaes mulang tarima kanu jadi Tunggulna Rahayu.....pun Ema...




Catatan Selengkapnya »