Tukang LOAK SAWAH KURUNG


Sagelas Kopiko Brown coffee istuning Pangjajap datangna Kuring ka eta Warung Sangu,gek kuring diuk dina Golodog POS nu aya gigireun eta Warung."Kamana wae atuh Bos..!!!"ceuk nu boga warung bari nyodorkeun sabangsaning gogorengan kanu Dadasar warung semu ngalelece kuring nu emang geus ampir 3 poe lilana teu nganjang ka warung alatan boga hanca Gawe."Hareuh,biasa we mang ngejar setoran,lumayan lah aya Cina totok nu masih keneh merlukeun jasa Kami ngabebenah tiung buruan lantai lantai luhur Tokona,kumaha wadia balad batur uink ngabako di ieu wewengkon kabarna?"tempas kuring bari murak eta gorengan."si Yopi  cikeneh indit neang nu manggil ka Hareup,asep Botol can katembong,tah lamun mang Dadi mah sakeudeung deui ge pasti ngurunyung da kamari ceunah kapapancenan borongan ngabongkar AC ti urang Muhamad Toha,tuh geuning panjang umur karek di omongkeun teh jalmana ngurunyung..!!"ceuk mang Atang nu boga warung bari nunjuk ka mang Dadi nu norojol bari ngaboseh Beca Loak nyampeurkeun Pos tempat kuring pancakaki jeung mang Atang tukang Warung Sangu.
 "Wah Juragan sarerea geuning tos sumping,mangga linggih 'gan mamanawian we aya oteng kanggo abdi nya ari karek manggul manggul wae mah sayah siap ngabantos hehe.."ledek kuring nu emang geus dalit jeung mang Dadi."sok ararisin akh ari di sebut juragan ku oBos teh sok asa ngadadak kambuh panyakit nyeri cangkeng!,kumaha Damang pangersa?"ceuk mang Dadi malik ngaledek kuring bari nyodorkeun dampal leungeun ngajak sungkem siga anak buah kanu jadi dunungan dina pilem pilem.

 Lalakon diluhur emang salah sahiji kagiatan Kuring nu emang geus ampir sababaraha bulan lilana betah ngareureuhkeun kacape rengse usaha ka eta tempat nu emang sok dijadikeun pangreureuhan oge ku Tukang Beca jeung  Tukang Loak keliling.
Memang sapintas euweuh nu aneh jeung pasti biasa biasa,tapi mun ceuk kuring mah aya nilai tersendiri kuring Gauil jeung maranehna,Kuring jadi bisa nyaho wireh di alam dunya ieu cara ngalakonan Hirup tiap jalma teh Rupa2 jeung beda2.
Kuring anu keur berusaha bangkit tina terpuruk masa katukang  saeutik gedena bisa ngeunteung deuleu maranehanna,kuring bisa ngupahan kapeurih jeung ngerem angan2 hate nu emang Mustahil sigana lamun kajadian katukang dimana kuring hirup hurip dina segi katenangan ambruk alatan Balangah ngalakonanna.

  Kuring ngarasa Salut kana Spirit Rahayat leutik siga maranehanna,nu teu Galideur kana kakawen dunya jaman ayeuna anu pinuh ku kahese jeung seuseutna nyumponan eusi beuteung kulawarga.Kuring nu ngamimitian deui Usaha jadi boga batur pakumaha padahal kuring jeung maranehna teu Hir teu Walahir,teu deungeun deungeun acan,wawuh ge kakara sababaraha bulan lilana,tapi asa geus jadi imah ka 2 we eta tempat.
Asa teu mungkin balad jeung baraya Kuring bisa narima kana kaayaan kuring ayeuna nu keur mipit propesi dihandap deui,padahal baheula sawaktu kuring Jugala,teu sirikna ampir tiap poe imah kuring pinuh ku jalma,aya nu ngajak Usaha mah,nu ngeleketek sangkan kuring daek babayar hutang maranehna mah,malah aya oge nu ngahaja leletak ngarah kuring daek barang bere kamaranehna.

  Duh,mang Dadi..mang Atang jeung saparakanca tukang Beca tur Tukang Loak Perumahan Sawah Kurung Raya,Hatur nuhun pisan euy!!,kuring jadi saeutik lobana Paham,yen biasana Jelema mah rek Bener teh sok ngalakukeun Salah heula,atuh sugan jeung sugan we eta peupeujeuh teh keuna kana nasib kuring.Kuring Yakin,hirup tenang jeung bagja mah lain materi nu mudal sajeuroning Imah,tapi nu ngaranna kateunangan mah bathin jeung kalakuan nu daek akur jeung sasama tanpa mandang kalangan mana,teu ka Menak teu ka Cacah istuning Rekep dengdek Papak Sarua.Kuring moal poho kana jasa jasa aranjeun anu geus nga gas deui semangat hirup ka manusa nu Loba kabelet,Bodo jeung daek di Olo ku batur.....!!!!
0 Comments
Tweets
Comments

0 comments :

Post a Comment