Lagu2 Sunda


 Halangan Diri (DARSO)

NA KUNAON SAGALA RUPA

NGAN ARAL,GAGAL JEUNG GAGAL
SOAL CINTA JEUNG USAHA
KANDAS PAMAKSADAN

KAMUDAHAN BEUT NGABALIEUR
KALAH KA NGAN NARONGGONGAN
PARUNTUNGAN
LUMPAT NGAJAUHAN
NAHA-NAHA KUNAON

REFF##

BOA-BOA HALANGAN DIRI
NU MANGRUPI DOSA-DOSA
KAJONGJONAN,..KANGENAHAN
NGUMBAR-NGUMBAR LARANGAN


BOA-BOA HALANGAN DIRI
NU MANGRUPI DOSA-DOSA
NU NGAJAJAR MEUNI PANJANG
SAPANJANG JALAN KARETA

ADUH GUSTI ADUH GUSTI KUMAHA NGAENTENGKEN NANA
ADUH GUSTI ADUH GUSTI KUMAHA NGABEBASKEUNA


PANON CIREUMBAY,MAPAY MAPAY PIPI
RAGRAGAN KANA SAJADAH
NGINGET NGINGET LAKU LAMPAH
NINGGANG SALAH JEUNG SALAH

HATE ANU MELIT
HATE ANU MELIT
KABEULIT KU DOSA DOSA
BIWIR ANU NGAGETEUR NGEDALKEUN RASA NGIWAT
AMPUN-AMPUN DUH GUSTI
_______________________________


 Katineung (Dhean Minor)

Girimis nu jadi saksi
lalakon urang duaan
Waktu urang babarengan
Ngalepas kasono ati
ngaleupas katineung asih

Kiwari tinggal waasna
Mun nyawang mangsa katukang
Meungkeut janggji rek ngajadi
hanjakal henteu ngajadi
Jodomah kagungan gusti.

Chorus:
Saliwat anjeun asa nembongan
Ngalangkang mawa kamelang
kabayang anjeun imut ngaheureuyan
Nganhanjakal saukur kalangkang

Najan ayeuna urang geus paanggang
Najan janji pasini teu ngajadi
Tapak tilas lalampahan
Urang duaan masih narembongan
____________________________________

 Ronggeng Imut ( RIKA RAFIKA)


Nyi ronggeng imutna matak kayungyun
geulis campernik…
rengkak paripolahna…
ngengklak ku tepak kendang luhur panggung

Di gual geol gitekna di sunggal senggol
goyang di goyang
kataji imut nyi ronggeng

Imut ronggeng imut kabengbatan
mentang daya tarik keur bajidor
imut bentang panggung katalimbeung
teteup sekeut kameumeut nu narongton

haaaaaaaaaaaa...........haaaaaaaaaaaaa....2x



0 Comments
Tweets
Comments

0 comments :

Post a Comment